Koboy Peot

photo author
- Selasa, 26 Juli 2022 | 15:12 WIB
Illustrasi Koboy Peot (pixabay.com)
Illustrasi Koboy Peot (pixabay.com)

Mahabuna film koboy dina katompérnakeun taun 1950- an, gedé pisan pangaruhna kana kahirupan balaréa.

Urang Bandung, teu kolot teu budak mimiti raresep narurutan film koboy. Ti mimiti papakéan tepi ka kalakuan niron-nironkoboy. Awéwé-lalaki loba nu maraké calana jéngki, baju célé,sapatu binkap atawa lares.

Barudak sakola ogé méh kabéh maraké calana pondok merecet. Ari baju, rada gobrah, beuheung (kerah)-na ditangtungkeun, nutupan punduk. Tungtung handapna ditalikeun.

Karéta mesin simplék atawa rélih téh robah jadi karéta mesin dugul. Spakbor jeung sténgkas dilaan. Sela (sadel)-na dijangkungan, ari setang dipendékan.

Barudak lalaki, marawa bukuna téh kana rangsel leutik. Ngahaja mareuli rangsel ti Jatayu atawa Kosambi. Méh kabéh maraké rangsel nu rupana gading, tara aya nu maké rangsel héjo tentara, da hanta mah stréng pisan, paréman mah teu meunang maké papakéan niron-niron tentara. Rangsel nu dibareuli ti pasar loak mah rangsel urut tentara Walanda nu kungsi diparaké ku para pejuang taun 1945.

Ari sapatu nu kacida dipikaresepna ku barudak sakola jaman hanta nyaéta sapatu baskét.Asa pangsagalana wé, indit sakola, maké calana pondok merecet, dibaju gabrig, tungtung handapna ditalikeun, nyoléndang rangsel, buuk rada jabrig, digolep siga Tonny Curtis,tumpak karéta mesin durtrap, ngaboseh nonggéng semu ngadapang. Mun aya babaturan komo budak awéwé mah, sok dicetrakan. ”Trak! trak1 trak!” Paduli teuing ku kolot sok disebut koboy péot ogé.

Teuing kumaha, da harita mah pamaréntah téh maké bisa pipilueun kana urusan papakéan atawa dangdanan ogé. Ka dieunakeun, di Bandung sok aya operasi calana jéngki jeung buuk jabnig. Pulisi ngajajar sisi jalan. Sakur nu maké calana merecet jeung buukna jabrig, pangpangna barudak sakola, sok dipegat.

Pulisi téh mawa botol lirnun paragi ngukur suku calana. Mun calanana merecet pisan, teu asup botol-botol acan,teu antaparah, suku calana téh sok digunting tina lebah mumuncangan tepi ka nengahan bitis. Kitu deui calana pondok, mun merecet sok digunting tepi ka nengahan pingping.

Buuk jabrig, nu sisina nutupan ceuli, panjangna nutupan punduk, krek-krek wé digunting. Tangtu wé buuk téh jadi teu puguh potonganana. Kapaksa dicukur diratakeun ka tukang cukur. Ti harita mah euweuh wéh barudak sakola nu dicalana merecet, buukna jabrig téh. Minangka ”nyungkunna” barudak téh sok maraké calana pagombrang-gombrang. Beuki dieu potongan calana téh beuki gombrang ka handap. Pulisi atawa guru téh teu bisa majar kurnaha. Teu bisaeun ngukur solohong calana ku botol téh, da pasti logor najan maké botol bir ogé.Calana potongan kitu téh ka béhdieunakeun disebut cutbray.

Lantaran niron-mron film téa, barudak téh ti taun 1955 ka dieu mah maké sok nyarieun pakumpulan di lemburna séwang-séwangan. Barudak Buahbatu nyieun kleub ”Buahbatu Boys Club” (BBC). Aya Pames Boys, The Bedeng’s, Konos, Riau Boys, jeung sajahana. Méh di saban tempat aya pakumpulan atawa géng téh. Mimiti aya nu sok garelut silihrurug ogé ngan tara an tepi ka ngaruksak mah. Garelutna ogé sok marilih tempat nu lega, jauh ka lembur.

Pakumpulan pamuda nu teu ngagugulukeun kana gelut gé loba. Ioba pisan pakumpulan mahasiswa di luar kampus. Aya Imaba, PMB, Damas, CSB, GMM, CGMI, jeung sajabana. Iwal ti éta méh kabéh mahasiswa nu daratang ti luareun Bandung, nyarieun pakumpulan. Aya pakumpulan mahasiswa Acéh, Kalimantan, Manado, Makasar, jeung sajabana.

Resep ari usum polonco. Sok ngahaja ngadon lalajo nu dipolonco, boh di Hébé, di Haminteu, di Taman Ganésha, atawa di Dago. Sakapeung mah sok watir nénjo nu disiksa, dikékéak kawas ka nu gélo. Keur mab eukeur dangdananana ogé teu béda ti nu gélo anyar. Sirah dugul, didudukuy aseupan, dikongkoyang kaléng susu, baju karung, jeung rupa-rupa deui.

Cék kolot, nu dipolonco téh mun teu kataékan mah matak gélo nyaan. Beurat geuning nya, nyuprih élmu téh, cék haté. Enya haté budak, kira taun 50-an.***

Dilarang mengambil dan/atau menayangkan ulang sebagian atau keseluruhan artikel
di atas untuk konten akun media sosial komersil tanpa seizinĀ redaksi.

Editor: Us Tiarsa

Tags

Rekomendasi

Terkini

Memahami Masa Adven, Empat Minggu Penting Jelang Natal

Kamis, 11 Desember 2025 | 13:24 WIB

8 Tema Natal Inspiratif dan Penuh Makna

Senin, 8 Desember 2025 | 18:00 WIB

Ragam Persiapan Natal 2025

Minggu, 23 November 2025 | 07:45 WIB

Tema Natal 2025, Yesus Hadir Untuk Keluarga

Rabu, 19 November 2025 | 09:05 WIB

Jenis Tanaman Yang Mudah Ditanam di Halaman Rumah

Minggu, 9 November 2025 | 19:10 WIB

Merasakan Bahagia Dalam Hadirat Tuhan

Kamis, 9 Oktober 2025 | 19:30 WIB

Pentingnya Ilmu Beladiri Untuk Terhindar Dari Kejahatan

Senin, 15 September 2025 | 15:00 WIB

Menilik Cara Mengatasi Kesenjangan Ekonomi

Senin, 15 September 2025 | 14:00 WIB

Menilik Prestasi Purbaya, Menkeu Pengganti Sri Mulyani

Rabu, 10 September 2025 | 10:30 WIB
X